Labels

Rabu, 30 Desember 2015

#ReboNyunda Diajar Ngamumule Kabersihan Lingkungan ti Leuleutik

Kasadaran pikeun ngajaga kabersihan lingkungan rupana teu dipiboga ku sakabeh jalma. Loba keneh jalma anu kurang empati lamun ningali runtah balatak, sanajan si runtah itateh pabalatak dina jajalaneun manehna. Kuring mindeng nempo kajadian siga kitu wanci latihan di taman olahraga di daerah kuring. 

Pernah sakali waktu kuring jeung babaturan saenggeus latihan langsung ngalakukeun 'Operasi Semut' atawa gerakan mulungan runtah babarengan, tina sakitu lobana jalma anu aya di lingkungan taman olahraga eta, ngan aya saurang anu boga kereteg hate miluan  gerakan mulungan runtah. Padahal anu sok olahraga didinya teh kuring yakin lain jalma sambarangan, artina jalma anu nyakola, anu pernah ngasaan sakola luhur, lamun dipikirmah jelema anu kaasup kaum intelektual kitu kuduna mah boga rasa hanyang ngajaga kabersihan lingkungan anu leuwih gede, malahan teu perlu diajak angot dicontoan mah. Angot ieu keur kapentingan balarea. 

Sanajan kitu, da kuring oge teu bisa nyalahkeun sasaha, soalna etamah perkara hak sewang-sewangan. Tapi lamun loba kasus siga diluhur, artina kasadaran masyarakat urang dina ngajaga kabersihan lingkungan teh rendah keneh. Terus kumaha lamun geus kieu? Ayeunamah lain waktuna nyalahkeun pihak lain, tapi waktuna ngabentuk generasi anu miboga empati anu leuwih luhur ngeunaan ngajaga lingkungan na. Salah sahiji carana nyaeta ngadidik barudak urang sangkan teu micen runtah dimana wae, ngadidik barudak urang sangkan  ti leuleutik bisa mikacinta kana kabersihan lingkungan. 

Dina hal ieu kudu dimimitian ti lingkungan anu paling dasar, nyaeta lingkungan kulawarga. Budak diibaratkeun kertas bodas anu polos, jadi gampang keur urang ngadidik budak sangkan biasa miceun runtah kana tempatna. Kuring pernah nyoba ngabimbing budak batita sangkan miceun plastik bungkus permen kana tempat sampah, sakali-dua kali budak etateh kudu dibimbing keneh, tapi kadituna mah si budakteh jol miceun runtah urut jajanan nana kana wadah runtah, padahal ku kuring teu dibimbing. Tah ieu ngabuktikeun yen gampang pisan ngabiasakeun budak sangkan mikacinta lingkungan. Pro-aktif urang salaku panutan gede pisan pangaruhna, jeung bisa nangtukeun karakter generasi saenggeus urang. 

Salian di lingkungan kulawarga, ngajak budak kana kagiatan-kagiatan sosial utamana kagiatan anu ngeunaan ngajaga lingkungan, bisa oge ngadidik barudak sangkan ngajaga lingkungan anu cakupan na leuwih luas. Leuwih-leuwih lamun kagiatan anu dilaksanakeun teh dikemas ku hal-hal anu matak pikaresepeun barudak, contona aya acara makan-makan saenggeus na ngalakukan kegiatan, pasti barudak teh nagih diajak deui. 

Alma, Nala & Nadia, dina rangka
Gerakan Pungut Sampah Bandung Clean Action

Contona alo-alo kuring ieu anu sumanget wae lamun diajak Gerakan Pungut Sampah Bandung Clean Action teh. Bandung Clean Action nyaeta program, inisiatif tina representasi masyarakat lintas profesi anu ngalakukeun kolaborasi ku cara strategic campaign jeung social engineering anu ngadorong aksi sabilulungan pikeun upaya ngurangan sampah di kota Bandung. Kagiatan anu positif pisan jeung ngadidik masyarkat ngeunaan pentingna kasadaran ngajaga kabersihan lingkungan. Kagiatan ieu rutin dilaksanakeun unggal poe ahad di sababaraha titik strategis di kota Bandung.

Ku kituna, ngajarkeun ngamumule kabersihan lingkunan ti leuleutik ka budak teh penting pisan, ambeh generasi urang kahareupna bisa jadi generasi anu miboga kualitas mental anu hade. 

Hatur nuhun. 

Penulis Ruddy Arra

Sumber :

Tidak ada komentar:

 
 
Blogger Templates